Jl. Ambon No.23, Citarum, Kec. Bandung Wetan, Kota Bandung, Jawa Barat 40115

Kacamata Děwata

Karya : Setiawan Purnama Jaya [Mantan Kepala SMPN 39 Bandung]

Poě ěta mah asa pakepuk gawě di sakolah těh.  Ongkoh deui kuring datang paspasan pisan tabuh 12.00 da Si Bungsu rada rudet rěk ditinggalkeun gawě těh.  Ceu Engkon, pangasuhna rada hěraneun ningali Si Bungsu tara-tara ti sasari hayang milu ka sakola.  Biasana ogě mun kuring indit těh sok ngadadahan.  Ieu mah basa pamit těh makě jeung renghak-renghik semu ngalewě rěk ceurik bari dua leungeunna ngarongkong ka kuring minangkana mah hayang dipangku.  Atuh kapaksa diběběnjokeun heula sa-keudeung. Geus katingali janglar mah kakara kuring wasa ninggalkeun Si Bungsu anu karěk umur sataun satengah.

Telat 20 menitan tepi ka sakola těh.  Biasana mah satengah dua belas ogě kuring geus camperego di ruang guru.  Harita mah barang tepi ka pakarangan sakola, sip isuk-isuk karěk bubar.   Poě ěta kuring kabagěan pikět beurang bari kudu nyambung ngajar tilu kelas tepi ka tabuh lima sorě.

Asa can sempet diuk-diuk acan kuring kudu geus mencět běl tanda asup sip beurang, kelas hiji.  Mun geus mencět běl sok terus mariksa kelas, nyatetkeun absěnsi.  Boh absěnsi guru nu teu hadir boh nyatetkeun ngaran budak anu teu asup, jadi pancěn pikět dina jam kahiji.  Harita mah asa pakepuk.

“Asa bararěda, Bu!” Bu Ineu nanya basa pasarandog dina koridor kelas.  Maněhna kaluar ti kelas rěk ka ruang guru, kawasna aya nu tingaleun.

“Ah… biasa ari pikět těh saban jam kahiji sok asa pakepuk!” Kitu jawaban kuring ka maněhna. 

Teu kapapanjangan ngobrol jeung Bu Ineu těh da saterusna kuring asup ka kelas I-C, maksud těh rěk ngabsěn budak. Kabeneran guruna can asup, atuh sabataě nanya ka KM I-C nu diukna dina bangku panghareupna.  Hareupeun pisan měja guru.

“Něng, saha siswa nu teu lebet dinten ieu?” Kuring nanya saregep pisan. Budak cengkat rěk ngajawab.  Tapi měměh pok, maněhna ujug-ujug seuri.  Seuri anu dibalieurkeun, kawas nu semu ěra.  Teu lila pok ngajawab, tetep bari seuri deui.

“Lebet sadayana, Bu!” Kitu pokna bari anggěr seuri semu miceun beungeut.

Ningali peta kitu kuring rada hěran, naha budak bet seuri. Naha pědah kuring nanya makě basa Sunda atawa pědah naon? Ukur semet hěran dina hatě.

Teu kaburu ditanyakeun, sabab guru nu rěk ngajar jam kahiji di ěta kelas geus datang.  Kuring pamit, tuluy kaluar ti ěta kelas.  Kaděnge ti luar kelas waktu ibu guru uluk salam tuluy barudak saur manuk ngajawab salam guru.

Saterusna kuring asup ka kelas I-D, sarua rěk ngabsěn budak.  Ngan di kelas I-D mah guruna geus nyampak.  Kuring měnta idin rěk ngabsěn budak. Sanggeus diidinan kakara kuring nanya ka KM ngeunaan siswa nu teu asup poě ěta.

KM kelas I-D nu diukna dina bangku rada tukang ngajawab yěn kelas I-D mah asup kaběh.  Tapi waktu KM ngajawab pananya kuring, dua budak awěwě nu diukna panghareupna di tengah ujug-ujug key waě seuri bari panonna melong ka kuring. Kuring hěran, naha ěta dua budak seuri teu pupuguh. Teu kaburu ditanyakeun naon sababna maněhna duaan sareuri lantaran katingali guruna geus arěk ngamimitian ngajar. Atuh sanggeus nganuhunkeun mah, kuring kaluar ti kelas, rěk ka ruang guru deui sabab jam pelajaran kadua kuring kudu ngajar.  Ceuk hatě těh, ngabsěn mah engkě waě dina waktu istirahat ningali tina Agěnda Kelas. Kitu pikir těh.

Gěk kuring diuk di tempat kuring. Aya duaan guru awěwě nu aya di ruang guru harita.  Teu ngobrol da katingali duanana ogě keur pokus nulis. Kawas kuring, ngadagoan ganti jam.  Atuh kuring ogě sarua, mukaan RPP nu rěk dipakě poě ěta.  RPP těh diilo deui bisi aya nu salah.  Pangpangna mah bisi aya nu kuring teu apal atawa salah sebut kana istilah nu anyar kapanggih, da kakara deui ngajar di kelas hiji.

Běl ganti jam katilu geus dipencět.  Kuring gesat-gesut indit ka kelas I-G nu rada anggang ti ruang guru. Mapay koridor kelas.  Lumayan asa jauh ari indit rurusuhan mah. Kabeneran guru nu jam kahiji kadua geus kaluar ti ěta kelas. Atuh kuring langsung asup ka kelas muru měja guru.

“Assalaamu alaikum!” Sanggeus diuk mah kuring ngucapkeun salam. Barudak ngarapihkeun diuk tuluy ngajawab salam kuring saur manuk.

“Wa alaikum salam!”  

Geus kitu mah kuring maju ka deukeut bor bari teu poho mawa kapur.  Trět nuliskeun tujuan diajar poě ěta, saterusna ku kuring dibaca tur dijelaskeun maksudna. Karěk ogě rěk pok deui nuluykeun omongan ngeunaan bahan ajar, karěrět ku kuring budak awěwě duaan nu diukna hareupeun měja guru sareuri, semu měsem. Geus kitu duanana tarungkul.

Panasaran kuring nanya nu duaan, “Kenapa kamu berdua senyum, Něng, ada yang lucu, ya?” Kitu pok-pokan kuring ka ěta budak těh.

“Ah, enggak Bu!” Budak nu beulah katuhu němbalan. Katingalina mah jawaban ěta budak těh jujur.  Budak nu beulah kěnca ogě milu ngajawab tur jawabanana sarua. Kuring percaya ka ěta dua budak.

Geus kitu mah gorolang waě kuring neruskeun ngajar.  Asa lancar pisan cacarita di kelas těh, mani asa plung-plong ingetan jeung piomongeun.  Kalan-kalan dicampur ku tanya jawab jeung barudak.  Kitu deui katingalna barudak ogě asa běda ti sasari, asa aramis budi.  Loba budak nu waktu kuring keur nerangkeun di hareup ngarajak seuri ka kuring. Semu-semu bungah siga nu ngěbrěhkeun kasumanget-an barudak diajar harita.

Běrěs ngajar ti kelas ěta mah kuring gura-giru balik ka ruang guru rěk mencět běl istirahat.  Teu dicaritakeun kumaha situasi istirahat harita mah, da kuringna anteng dina měja pikět nyalin absěn siswa tina Buku Agěnda kelas nu dikumpulkeun waktu istirahat.

Asa sakerejep pisan waktuna istirahat těh, bubuhan dipakě ngadukduk nulis.  Geus waktuna jam istirahat běak mah kuring gancang mencět deui běl tanda asup jam pelajaran kalima.

Teu ngadagoan guru-guru sějěn arasup ka kelas, sanggeus ngarawěl heula tas těh gura-giru kaluar ti ruang pikět terus maju ngětan ngajugjug kelas tungtung rěk ngajar deui.  Waktu kuring ngaliwatan sababaraha kelas nu keur baris dina koridor, barudak marelong ka kuring nu ngaliwat kana barisanana. Nyěh barudak ngarajak seuri ka kuring.  Pikir těh meureun hěran jeung reueus pědah nempo kuring jadi guru nu pangheulana kaluar ti ruang guru muru ka kelas.  Kitu panyangka kuring harita.  Teu loba nu dipikir terus waě kuring mah tonggoy ka kelas tungtung.  Kasampak barudak kelas ěta mah geus teu aya dina barisan, geus arasup ka kelas waktu kuring masih di perjalanan.

Sup kuring ka kelas bari teu poho ngucapkeun salam.  Barudak ogě gancang ngarapihkeun diukna, eureun ngobrolna bari terus ngajawab salam kuring.

Gěk kuring diuk dina korsi guru ngaluarkeun RPP tina tas, rěk ngamimitian ngajar.  Kawas di kelas nu mimiti, kuring nangtung ngadeukeutan bor, terus nuliskeun tujuan pembelajaran dina bor makě kapur.  Geus kitu mah pok kuring nyaritakeun tujuan diajar poě ěta luyu jeung kalimah nu tadi ditulis dina bor.

Kuring ngarandeg heula waktu dua budak lalaki nu diukna panghareupna lempengan bor melong kuring terus seuri duanana.  Geus seuri duanana tarungkul. Tuluy cengkat deui bari melong kuring nu harita geus ngamimitian ngajar.

Hatě bacěo sorangan, waktu ningali budak di jajaran sějěn melong anteb kana beungeut kuring terus ngajak seuri.  Atuh kuring ogě milu seuri ngabagěakeun seuri pangajakna.

Tětěla poě ieu mah asa běda suasana těh. Barudak těh asa aramis budi ngarajak seuri.  Boh nu di kelas, kitu deui nu keur baris dina koridor poě ěta mah asa saroměah jeung aramis budi.  Kitu gerentes kuring harita.

Ningali suasana kitu atuh kuring beuki sumanget nerangkeun těh.  Ceuk hatě těh mangpang-meungpeung keur hadě poěna barudak sarumanget nambahan sumanget ka kuring ogě. Geus kitu mah kedewek leungeun nyokot kapur, nu aya ngan kapur sapotong leutik.  Bari nyanghareup kana bor, trět kuring nulis dina bor.  Naha atuh kapur nu sapotong leutik těh bet ngacleng, Kacida kuring ngarasa hěran sabab kapur nu sakedik těa ngaclengna kana beungeut kuring. Saterusna ěta kapur teu murag ka handap tapi asup kana kongkolak panon katuhu.

Masya Allah, naha kapur těh nyangsang di dinya, pan kuring těh makě kacamata?  Kuduna mah kapur leutik těh murag ka handap sabab něgtog kana kacamata těa.  Kitu hatě kuring ngomong sorangan. Posisi badan mah angger nyanghareupan bor, nukangan barudak.   

Panasaran, kapur nu nyangsang dina panon beulah katuhu těh dirampa meumeueusan.  Naha atuh ari gebeg těh, karasa biwir panon katuhu kacabak lantaran kacamata těh horěng kacana ngan sabeulah, nu kěnca wungkul.

“Emh, paingan tadi barudak loba nu ngajak seuri.  Lain ngajak seuri kawas panyana kuring, tapi nyeungseurikeun kuring duměh makě kacamata dewata. Kacana sabeulah!”  Hatě bacěo sorangan.  Tapi yakin ngan kuring sorangan nu nyaho kana ěta kajadian.  Barudak mah keur anteng maraca, teu ngabandungan kuring nu ngaluarkeun kapur tina kongkolak mata.

Geus sadar kitu mah meumeueusan kacamata gancang dibuka tuluy disakuan.  Bisi kanyahoan ku budak yěn kuring kakara sadar makě kacamata děwata.

Gěk kuring diuk dina korsi guru bari neger-negerkeun maněh.  Ulah těmbong ku barudak yěn kuring keur kaganggu pikiran alatan kacamata děwata těa.  Budak anu diuk panghareupna, nu tadi sura-seuri těh melong beungeut sareretan tapi ayeuna mah teu seuri.

Asana mah teu tamat nepi ka waktuna ngajar di kelas ěta těh, kuring gancang mulang ka ruang guru.  Pikiran asa teu pokus jeung inget kudu mencět běl.  Sanggeus pamit ka barudak mah, kuring kaluar ti kelas.

Asa lila leumpang mapay koridor těh, duměh malaweung. Geus tepi ka ruang pikět mah gancang mencět běl bari gěk diuk dina korsi pikět.  Pikiran kumalayang kana kajadian poě ěta, ti mimiti datang telat, si bungsu rada ngadat, nepi ka panggih jeung Bu Ineu nu nyarita majar kuring asa bararěda.

Teu kaharti, nya kamana atuh kaca nu sabeulahna deui?  Teu kaharti ku makě coplok.  Nu leuwih teu kaharti mah naha něpi ka kuring teu sadar yěn kacamata těh kacana ngan sabeulah.

“Emh, dasar kacamata děwata!”

… .